Rabu, 02 November 2011

"what's wrong?"


L’ ink

Tengah peuting kuring nyaring
Bari disalimbut ku samping
Hariring kuring kunaon teuing

Tengah poe kuring sare
Tapi henteu diparende
Duit hese dagang rehe
Eweuh gawe dugi ka sore

Belah kulon hibar layung
Ngajak muji ka hyang agung
Ulah bingung bisa kapahung
 Siga lutung anu kasarung

Kamarana,
Gaang katincak, jangkrik kapencet
Bueuk oge hoream enteup
Da geus puguh beurang lolong
Peuting kai geus arompong

Lalai anu lalawora
Ngagarantung dina dahan kaung
Suku diluhur hulu dihandap
Teu boga hate meulang kapaur

Rasa waas
Ngan saukur nempo jero kendi
Poek kabina eweuh hartina
Papatah nini aki teu dipalire deui
Pamali geus teu katepi
Arek ngomong hese pokna
Anu kolot kamarana
Budak ngora geus kacida
Dosa kabina-bina
Budak lalaki zaman kiamat
Ka kulon lain ka kiblat
Ngawaro soteh ka urang barat
Jadi poho kana sakarat

Budak awewe kabawa bingung
Siga maung turun gunung
Dibaju calana buntung
Dikabaya teu make tiung
Ih nurus tunjung

Kamana batur kamana
Kamarana anu saagama
Kabarawa kusakaba-kaba
Mawa naon ka alam baka

Pepeling jang ucing geuring...! 















Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Mari kita ledakan dunia ini dengan kebahagiaan!

Amal Ilmiyah dengan Ilmu Amaliyah di Al Hikmah #UNIDA

BERKIBAR di Langit Belajar

ASALIST POST Bagi yang ingin pemaparan tentang Psikologi Pembelajaran, silakan down load di sini : https://www.dropbox.com/home?preview=EK...

Ada Apa di Balai Sakola Desa 5.0